Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Widget Atas Posting

Mun bener aya kawani, cobaan naèk flying fox! Kieu faèdah-faèdah na

Cobi tingal tah na vidèo na, budak awèwè umur 7 taun ogè wanieun naèk flying fox di Pasir Langlang Panyawangan. Maenya urang teu wani?

Ieu permaènan anu diadaptasi ti na latihan militer, tujuan na supaya ngasah kawani jeung nambihan katangkasan di na situasi darurat. Matak ti taun 2000-an di urang mulai populèr, sabab sok diasupkeun ka na kagiatan outbond. 

Perusahaan gedè, instansi-instansi ogè sakola sok ngayakeun latihan outbond. Loba dipercaya yèn latihan di alam terbuka tur dieusi ku wahana anu pinuh tantangan, èta bisa ningkatkeun kamampuan peserta latihan na.

Flying fox katingali na sederhana, ngan ukur naèk ka na ranggon nalian awak, makè helm terus nyorosod di na tali beusi. Jejeritan. Nepi wèh ka ranggon pangturunan, enggeus wèh...

Faèdah Flying Fox

 
Tapi di balik èta choy, aya faèdah badag jang anu naèk. Nyaèta kahiji bakal nambahan kawani, pan loba peluang, loba masalah anu gagal diatasi. Lain ku sabab urang bodo katotoloyo, tapi sabab kurang na kawani di na nyokot kaputusan, kawani di na nyanghareupan rupa-rupa tantangan. Kitu cenah nu kahiji.

Nu kadua, bakal leuwih percaya diri, leuwih terbuka, maksud na leuwih ekstrovert sugan. Pan aya jalema anu sifat na tèh introvert, alias tara daèk gaul guyub jeung batur. Sakapeung mun diajak ogè sok ngahindar, siga nu èra, siga nu sieun. Padahal sieun ku naon. Nu inti na ieu masalah kajiwaan, perusahaan badag mah jarang ngingu karyawan nu modèl kieu, sabab cenah kirang saè ka na suasana kerja. Duka pèdah kirang komunikatif duka cakueum meureun nya?

Ngan pasti na, saparantos outbond bari naèk flying fox, biasa na sakedik-sakedik sok aya parobihan. Biasa na sok langkung supel tur percaya diri. Siga na pangaruh ti na sènsasi flying fox, pan ngamimitian mah cenah asa tantangan kacida badag na. Asa pertaruhan hirup jeung paèh cenah. Taaah...pas nyata na èta tantangan flying fox ieu bisa dihadapi, dilèwati jeung ditaklukan. Ngadak-ngadak bray, dunya asa leuwih ca'ang, percaya diri jadi ningkat. 

Nu katilu na nya' taaaah...jalema nu tos outbond flying fox saur na sok leuwih tangkas, cekatan di na gerak ogè di na berfikir. Wallahu'alam ah...