Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Widget Atas Posting

Gara-gara kecelakaan ustad udin, jadi apal alur klaim ka jasa raharja


cara-mengurus-jasa-raharja-bahasa-sunda

Warta Warga

Kamari ba'da isya, Ustad Udin kacilakaan. Dua korban diboyong ka Puskesmas Wanayasa, Ustad Udin kondisi luka na parah, kaluar getih ti na cepil, langsung rujuk ka RS. Bayu Asih. Can nanaon perkiraan biaya pas di UGD keneh tos 2 jutaan! Retak tulang, manjang ti tulang cepil kènca dugi ka katuhu, tapi nu katuhu langkung gawat. Otomatis, kamungkinan gedè kedah dioperasi. Biaya pasti mahal.

NGAN UNTUNG!

Jaman kiwari jaman onlèn, Polsèk Wanayasa harita juga ngadamel laporan LAKA LANTAS, cenah laporan onlèn. Maka bieu pas RS. Bayu Asih nyuhunkeun surat jaminan ti Jasa Raharja. Langsung ngurus ka Polres Purwakarta bagian Laka. Di Laka dicek na komputer, langsung ACC, da cenah tos aya laporan di na data onlèn laka. Sagala rupi kronologi na tos tercantum lengkap.

Kantun ka kantor Jasa Raharja, di dinya gè ngan ukur masihkeun KTP sareng KK asli. Operator Jasa Raharja langsung kutak-ketik, ngaheu-euhkeun, surat jaminan Jasa Raharja kanggo ka Direktur RS. Bayu Asih langsung tiasa dicandak. Surat Jaminan Klaim Jasa Raharja atas nami (Ustad) Saepudin, Rp. 20.000.000.-

Beres!!!

Kasimpulan na, mun aya kacilakaan lalu-lintas. Kahiji bawa ka Puskesmas/Rumah Sakit terdekat. Kadua, lapor ka kantor polisi terdekat. Mèh polisi tiasa saènggal na ngadamel laporan. Hatur nuhun, ka Kang Tendi, Kang Zaenx, Kang Oneng atas petunjuk na! Hatur nuhun Polri, hatur nuhun Puskesmas Wanayasa, RSUD Bayu Asih sareng Jasa Raharja! (*)