Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Widget Atas Posting

Aya super etong di Kamsat!


MangEnjang.com - Si Daud, budak na Si Ichuy jeung Si Budi ulang taunan di Kampung Sate (Kamsat), Kamari poe Salasa kaping 26 April 2022. Dirayakeun bari buka puasa bersama.

Nu kapikiran awal na nya menu sate na anu kacida pedo na. Jang Mamang mah, sate pangngeunah-ngeunah di alam Dunya nya sate na Kamsat. Lokasi na di Pameungpeuk, Kacamatan Wanayasa, Kabupaten Purwakarta, Jawa Barat.

Deukeut ka waktu Maghrib, Si Daud jeung barudak pejuh sejen na mulai nariup lilin. Ti dinya, sarupaning dahareun mulai daratang, aya sate, es buah, cai enteh, sagala rupa weh poko na mah. Tapi aya rada aneh, ku Mamang katingali na siga lauk cai.

"Meureun ikan bakar," kitu na pikiran Mamang. Ti dinya Mamang jongjon deui weh.

Pas kakuping adzan magrib, der kabeh baruka puasa, ngabatalan. Langsung Kabeh dalahar. Nya langsung Mamang nyokot sangu, geus kitu nyokot sate. Da beuki na Mamang mah sate, kurang pati beuki ka na lauk cai sabener na.

Ari heug teh cenah, aya nu ngomong, "Tah eta etong na!" Mamang ngegebeg!

Barang ditilik-tilik deui, bener ningan lauk etong. Sing horeng, lain ikan bakar biasa. Nya Mamang langsung nyiwit eta lauk etong. Da sanajan kurang pati beuki ka na lauk cai, ari ka na etong mah Mamang ge beuki.

Da ari lauk etong mah, peungkeur daging na, cucuk jeung daging teh misah moal matak kabeureuyan. Rasa na tangtu ngeunah na. Tah, matak mun hayang dahar ngeunah, gewat ka Kamsat!

Jeung deuih, tadi poh teu kacaritakeun. Yen sangu, mun di Kamsat eta nyiuk sorangan, siga parasmanan. Khusus sangu, cai enteh jeung sambel. Penting ieu dicaritakeun, sabab bisi aya nu maca ieu artikel, tabe'at beuteung na sarua jeung Mamang. Mun dahar teh kejo na kudu loba! 

Ku sabab kitu, Mamang mah teu genah nun dahar di tempat-tempat junk food saperti KFC. Sangu na sok saeutik, dibates.

Ngopi ngawangkong!


Beres dahar, sholat Maghrib. Terus ngopi bari ngawangkong jeung Sohibul Kamsat. Ngalor-ngidul ngawadul kamana karep, da wawuh, teu asa jeung saha deui.

Tah eta na foto, Bang Haji Ikhsan jeung pun lanceuk, Kang Zaenx. Sakali deui, Mun hayang dahar ngeunah jeung seubeuh. Gera sumping ka Kamsat!