Wisata mirah, reu'eus ka na manah, Pasir Langlang Panyawangan
![]() |
Wana Wisata Hutan Pinus, Pasir Langlang Panyawangan |
Asal daèk ngaprak na, da èta mangrupi-rupi wahana tèh saleres na ngagunduk di hiji wilayah. Tah ayeuna urang papay, urang bahas hiji-hiji:
1. Leuweung Pines
Suasana leuweung, ieu nu jadi destinasi paling utama. Karaos adem matak salsè ka na mastaka. Leungit kabèh karuwet jeung kasusah. Loloba na jalmi nu datang ka dieu, paling lila pasti nganikmati leuweung pines. Bari dadaharan, ngawangkong atawa ngopi jeung kaluwarga atawa jeung babaturan.
Reportase Trans 7
2. Curug
![]() |
Curug Pamoyanan |
Anu kadua curug Manahrasa, jarak na sekitar 400 mèteran ti tempat parkir. Dugi ka ayeuna masih jarang disumpingan, margi mèdan na sesah ditempuh, jarak na langkung tebih sareng paur teu aman ti na sato liar.
Di curug manahrasa masih sok kapendak maung sareng oray. Ku pengelola wisata sareng ku polisi hutan ogè teu disarankeun kanggo disumpingan, kecuali kènging izin ti pihak berwenang, anu biasa na dianteur ku kuncèn.
3. Guha Jepang
![]() |
Guha Jepang, Pasir Langlang Panyawangan |
Mung pangangken na, sadaya penduduk anu terlibat romusha disumpah supados teu nyarioskeun sagala rupi naon anu dikerjakeun. Duka kumaha, sadaya saksi hidup leres-leres komitmen teu ngabocorkeun èta informasi.
Padahal seueur pihak anu panasaran sareng peryogi ka na informasi. Guha pas nuju "mimiti" kapendak, mangrupikeun liang alit, mung lebet sirah jalema.
Dianggè sayang landak, posisi na di na gawir janten ampir teu katangèn ku sasaha. Nya ayeuna mah liang panto guha na tos diageungan, lebet jalmi mung kedah rada ruku.
Dilebet na poèk aya kamar-kamar, anu diperkirakeun mah ruang-ruang anu fungsi na rupa-rupa. Tapi pengelola wisata teu acan masih izin kanggo pengunjung lebet ka jero pisan, margi sieun aya jebakan sareng ranjau-ranjau anu teu acan diamankeun.
Pengunjung ti nu tebih seueur nu ngèndong di dieu. Nu kèmah atanapi ngadon nyieun acara. Khusus kanggo nu badè kèmping, parantos sayogi pètak na.
Spot na kantun milih, aya anu iuh di na handapeun tatangkalan. Aya ogè anu salain iuh ogè tiasa ningal èndah na pamandangan ti wengi kota Purwakarta sareng Bendungan Jatiluhur.
Taaaah...ieu mah wayah na kedah rada ngantri biasa na. Cocok jang uji nyali, ngadu kawani, ngagulantung teras nyorosod di na kawat beusi (Sling).
Lain heureuy, tarik na nyorosod bari ngagulantung di na flying fox èta tarik pisan, èta wèh jalema teu aya nu teu ngajerit nalika nyorosod na. Pami gaduh panyawat jantung mah, siga na ulah naèklah, bilih teu kiat, bilih kumaha onam.
Pami kinten-kinten rombongan hoyong ngariung balakècrakan, siga na mending pesen kanggo nempatan aula. Sisi na teu nganggè bilik, mung saukur nganggè pager kai jang pamantes wungkul.
Janten sepoy-sepoy angin mah tangtos tiasa kanikmati. Posisi na di luhur bèh tonggoh, lumayan privasi lah. Tapi caket ka tajug sareng ka jamban umum.
Hoyong mayoran tapi horèam masak jeung babawaan ti imah, heug. Kantun pesen paket liwet, hoyong sareng naon deungeun na kantun milih kantun pesen. Kitu deui pami hoyong ngopi, di caket parkiran barang jol pan aya warung kang rojèb. Merenah poko na mah lah.
Dilebet na poèk aya kamar-kamar, anu diperkirakeun mah ruang-ruang anu fungsi na rupa-rupa. Tapi pengelola wisata teu acan masih izin kanggo pengunjung lebet ka jero pisan, margi sieun aya jebakan sareng ranjau-ranjau anu teu acan diamankeun.
4. Camping Ground
![]() |
Camping Ground, Pasir Langlang Panyawangan |
Spot na kantun milih, aya anu iuh di na handapeun tatangkalan. Aya ogè anu salain iuh ogè tiasa ningal èndah na pamandangan ti wengi kota Purwakarta sareng Bendungan Jatiluhur.
5. Flying Fox
![]() |
Flying Fox, Pasir Langlang Panyawangan |
Lain heureuy, tarik na nyorosod bari ngagulantung di na flying fox èta tarik pisan, èta wèh jalema teu aya nu teu ngajerit nalika nyorosod na. Pami gaduh panyawat jantung mah, siga na ulah naèklah, bilih teu kiat, bilih kumaha onam.
5. Aula Bale Riung
![]() |
Aula Pertemuan Terbuka, Pasir Langlang Panyawangan |
Janten sepoy-sepoy angin mah tangtos tiasa kanikmati. Posisi na di luhur bèh tonggoh, lumayan privasi lah. Tapi caket ka tajug sareng ka jamban umum.
6. Liwet jeung Kopi
![]() |
Bisa pesan paket liwet |