Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Widget Atas Posting

Mang Aèp, pelayan toko bangunan anu mawa Purwakarta wangi di arèna gelut One Pride



PurwakartaOnline.com - Purwakarta èmang gaya, seueur warga na anu nanjeur prèstasi ngawangikeun rèputasi Purwakarta. 

Kamari parantos dibahas 5 budak pamaèn bal, anu mawa Indonèsia jawara Asean di na Piala AFF U-16. 

Tah ayeuna aya deui, ti bidang olahraga kènèh nyaèta olahraga gelut MMA. Nami na Aep Saepudin, tukang gelut di arèna One Pride.

Mang Aèp saenya na mah, sanès tukang gelut, anjeun na ngangkeun ka awak mèdia yèn anjeun na mah pelayan toko bangunan. 

Ari gelut, èta mah saukur hobi saur na! 

Tapi ku raraosan mah, kanggè ayeuna tos janten profèsi gelut tèh, da lebar atuh Mang Aèp mah tos janten ikon di One Pride.

Mang Aèp gelut na ngangge èlmu Taè Kwon Do, gelut khas ti nagari Korea. 

 Anu dijantenkeun paguron na nyaèta sasana White Tiger Purwakarta. 

Anu ti na panalusuran google mah ningan lokasi na tèh di Kalurahan Tegal Munjul. 

Kungsi meunang ogè kungsi kawon, mung pidu'a ti urang sarèrèa, mugi Mang Aèp tiasa langkung nanjung ngawangi di buana. Amin

Tah di luhur aya sakedik video singkat, Mang Aèp nuju gelut di arèna One Pride MMA ngalawan Budiyanto tukang gelut ti paguron Rambo Muaythai.

Harita Mang Aèp meunang di rondeu ka-2 makè tèknik ground and pound, wilujeng.....

(sol)