Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Widget Atas Posting

Aksara Sunda, diajar bareng yu!

PurwakartaOnline.com - Bahasan ayeuna nyaèta perkawis AKSARA SUNDA, anu parantos resmi janten aksara sunda baku. 

Hasil tina panalungtikan para ahli ti mulai abad 20 masehi, nalungtik rupi-rupi prasasti titinggal karajaan-karajaan sunda, utami na titinggal Prabu Siliwangi.

Anu akhir na hasil lokakarya sareng hasil kaji para ahli èta janten katetapan huruf sunda baku. 

Dikiatan ku Surat Keputusan Gubernur Daerah Tingkat I Provinsi Jawa Barat, nomor 343/SK.614-Dis.PK/99. Titi mangsa kaping 16 Juni taun 1999.

Huruf sunda èta aya 32, huruf vokal na aya 7, huruf konsonan aya 18 ditambih ku huruf serapan ogè 7. 

Huruf serapan mah anyar aya na, dianggè kanggo nyerat bahasa serapan, anu teu aya di na waktos kapungkur na.


Huruf Vokal
Huruf vokal di na istilah sunda disebat na aksara Swara. Jumlah na aya 7, hayu titènan hiji-hiji:

aksara-sunda-belajar-cara

Bènten sareng aksara di na basa Indonèsia, anu ngagaduhan mung 5 huruf. 

Upami huruf A, I, U, E, O, tangtos urang pada apal kumaha nganggè na. 

Tah, pami huruf sunda mah langkung beunghar, aya È, E, sareng EU. Kieu conto kata na:

Huruf E nganggè curek (') janten È, dianggè di na kata MÈWÈK, MÈMÈK, KATÈL, BAHÈ, COPÈT sareng lian sajaba na.

Huruf E teu nganggè curek (') diserat E, dianggè di na kata LAUK SEPAT, SENDAL, SENI, KERAM, NYERI, NYENGIR sareng lian ti sajaba na

Huruf E, ditambih huruf U diserat na EU, dianggè di na kata SEURI, HAPEUK, HEURAS, BEUHEUNG, BEUKI jeung lian na.

Tah kitu bènten na huruf vokal di na basa sunda sareng basa Indonèsia nyaèta nambihan 2 huruf, È sareng EU. 

Bahasan salajeng na huruf vokal sunda (swara) tapi langsung nganggè aksara sunda.

Wilujeng tepang di na tulisan salajeng na...Sampurasun...